AJIAN
Bisrah Barran
Mirrah Baran
Allah Kang awéh Barran
Rohman kang maring ing Jisim
Rohim kang maring ing roh
Roh sapatemon Ingdatullah
Bisrah Kuat
Mirrah Kuat
Allah Kang awéh kuat
Rohman kang maring ing kuat
Rohim kang maring ing roh
Roh sapatemon Ingdatullah
Paranti Nyintreuk
Puasa 3 poé mutih (Diwiridkeun salila puasa 315 balik)
Sir lenyep kapada lenyep
Ret puret pur bawaning Alloh
Semu Gunting
Erab-erab ing awakku
Gebyar-gebyar ing matakku
Adi gunting jarijiku
Angkat terjang remek rempu
Ajur jadi banyu
Manusa ilang hak Isun
Namaning gunting
Ya isun semu gunting Sayyidina Ali SAW
Brajamusti
Golekku tapel Brajamusti
Tanganku besi guluntungan
Tanganku besi hamalan
Digunggum remuk
Digenggem remek
Remuk ajur jadi banyu
Manusa ilang bayu
Bayu rangkupakBayu rangkepok
Bayu leuleus leumpeuh
Banyu leuleus banyu paéh
Sibangkuang-sibangkéong
Laur pangku sir matangu
Tanganku tangan saperti tangan Brajamusti
Sayyidina Ali SAW
ASIHAN
Bisrah Asih
Mirrah Asih
Allah Kang awéh Asih
Rohman kang maring ing Asih
Rohim kang maring ing roh
Roh sapatemon IngdatuLLah
Pelet Sitaru Kucubung
Asihan Aing si Taru Kucubung
Sataru nu matak lanjung
Sasoék nu matak paéh
Salambar nu matak édan
Cai asak tuak bari
Kejo asa catang bobo
Ka cai ngadon ceurik
Jig ka darat ngadon midangdam
Nénjo simbut asa pangrurub
Samak asa pasaran
Nya angel asa panggganjel
Buruan asa layuan
Balai gédé réhé
Bumi ageung mikeueungan
Mangka welas mangka asih
Asih ka badan awaking
Ayat lima belas
Alhamdulillahi ladzi wahid dunya
Ya Muhammad Alif Lam Mim
Allahu Lailaha ila huwa hayul qoyyum
Koiman bil qisti
Dalikumullohu fa anna tu’fakun
Walau annana Qur’ana Suhyirot lihil jibalu
Au quti’at bihil ardu
Ao kulima bihil maotta
Balillahi amruhu jami’a
Keur Usaha
Ieu mantra dipuasaan dumasar kana Naktu Wedal
Bismillahirohmannirohim
Rong digedong
Réang dipayak
Nya cicing kudu yakti
Nya leumpang kudu meunang
Nya meunang dagangang
Badan awaking
Nyi Pohaci hideung geulis
Pawarang rambut sadana
Usir benang sia janji
Digunung Kamuninglarang
Harmuk jati namaning sari
Sangka Brahma namaning rasa
Nararewah nara asih
Nya Aing nu nagtung di tengah
Bayuan ti kidul
Di bayuan ku Sanghyang Gedong
Nararewah nara asih
Nya Aing nu nangtung di Kulon
Dibayuan ku Sanghiang Gedong Tambaga
Nararewah nara asih
Nya Aing nu nagtung di Kaler
Dibayuan ku Sanghyang Gedong Salaka
Nararewah nara asih
Nya Aing nu nagtung di Tengah
Bayuan ti wetan
Dibayuan ku Sanghyang Gedong Emas
Nya Aing nu nangtung ‘na kuwung-kuwung
Nya Aing nu mipir ‘na katumbiri
Nyaah teuing ku banda Aing
Buah beureum buah hejo
Buah putih buah kuning
Ulah secang kumalinang
Nya curuk anu pangirut
Nya cingir anu mangait
Jariji panarik asih
Indung leungeun anu ngadeuheuskeun
Kop rawel ku sia jajangkung
Mangka welas mangka asih
Asih wong sadunya sajagat kabéh
Paranti Nganjang ka Lembur Batur
Sir budi citra putih
Citra gumilang
Rep menep saking karep
Aing nyaho ngaran sia
Narkah ngaran ingsun
Melekah ngaran sia budak anu …..
JAMPE
Keur Ngeunteung
Satingkes pantes
Sarangkep cakep
Anu nyangsang Mangka gandang
Anu nyampay matak palay
Anu meulit mangka mihit
Ti hareup geugeut mireungeuh
Ti tukang melang nu nyawang
Kabéh panyari awaking
Eunteung centik malik biwir
Malaikat malik cahaya
Cep lenggan anu dikaca
Aduh anu geulis teuing
Badan abadi
Ditilik ti gigir lengik
Ditéang ti tukang lenjang
Dideuleu ti hareup sieup
Mangka welas mangka asih
Asih ka badan awaking
JANGJAWOKAN
Keur Nyisir
Sisir aing sisir sikat
Pamikat pamekan pamalik ati
Mangka welas mangka asih
Asih ka badan awaking
Senin, 23 Maret 2009
Langganan:
Postingan (Atom)